PERLUNA NGAROPEA ALAM (Perlunya Menjaga, Merawat, Memelihara Alam) Ditulis ku: *DIDIN HASANUDIN BIN AFIF (Aktipis *Pelija* Peduli Lingkungan Jabar / Ketua Gerakan Jabar Menanam) Jaman kiwari alam hareeng. Di luhur panas, di handap cai nyusu jeung walungan saat koredas. Hawa karasa pisan ngaheabna. Deungeun-deungeun mah nyebutna ceunah karna pangaruh 'global warming'. Hartina 'pemanasan global' ceuk basa malayuna. Nu jadi pertarosan urang sakabeh, naha kunaon alam bisa kitu? Ku akibat 'leungeun' jalma atawa sabab sejenna? Meureunan, lantaran kalakuan sawareh jalma nu can daek ngaropea (ngarawat, ngajaga, memelihara) alam tur lingkungan sakitar, kaasup kuring pribadi. Ngedul pepelakan, ngedul ngolah runtah, ngedul nyieun panampungan jeung ngolah cai hujan. Ngedul ngurangan heseup kotor tinu 'emisi gas buang' knalpot kandaraan. Oge ngedul ngurangan polusi ti sumber sejenna, sajaba tinu sumber panas 'efek rumah kaca' (glass house effect). Urang oge masih boga kabiasaan goreng. Cai hujan dipiceunan kitu wae. Alukna paralid deui ka laut. Lamun kahalangan ku runtah mah bisa ngajadi caah badag. Naha urang teu daek ngeunteung kana kajadian caah (banjir) kualatan walungan kapendet ku runtah? Balik deui ngeunaan ngolah cai hujan. Cai hujan ku urang tara ditampung. Komo deui diolah atawa disimpen kana jero taneuh mah. Padahal cai hujan nu turun ti langit nyata cai suci tur bisa dipake sagala kabutuhan. Sok komo deui lamun bisa jadi pasadiaan (reservoir) keur digunakeun wancina halodo. Kacida hade na mun seug kitu. Urang moal kakurangan cai keur usum halodo. Eta pisan nu disebut 'water harvesting' atawa 'memanen air hujan' teh. Kukituna kuring rek ngingetan diri kuring pribadi tur umajak ka halayak, yuk atuh ti ayeuna kahareup mah urang giatkeun ngaropea tur ngolah alam jeung lingkungan sakitar kucara sabilulungan (gotong royong) babarengan. Lingkungan nu urang pikeun kahirupan urang keneh, kudu dijaga ku urang..!!! Diluluguan jeung dirojong ku: #GerakanJabarMenanam #GerakanIndonesiaMenanam #DewanSampahNasional #GerakanPilahdanOlahSampah #GerakanLangitBiru #GerakanMemanenAirHujan #KomunitasJabarHijau #KomunitasIndonesiaHijau #GerakanBersihBersihSungai #KomunitasMasyarakatBebersihBandung_MyBebeBCommunity #TCI_TheCompostInstitute #SahabatTCI_Taqwa_Cerdas_Inovatif #PELIJA_PeduliLingkunganJabar Edited:muhlis